8 Contoh Sajak Sunda tentang Alam, Cinta, Guru, Ibu, & Lainnya Lengkap

3 menit

Ada sejumlah contoh sajak Sunda yang memiliki ragam arti tentang kehidupan, alam, atau lainnya yang bisa menginspirasi siapa pun. Kalau kamu tertarik membuatnya, simak beberapa contoh yang bisa dijadikan inspirasi.

Salah satu puisi atau sajak daerah yang cukup populer di Indonesia adalah sajak Sunda, Sahabat 99.

Sajak Sunda memiliki tempat khusus dan istimewa di mata masyarakat Sunda itu sendiri.

Menurut Ajip Rosidi dalam buku “Sajak Sunda”, sosok pertama yang kabarnya menulis sajak Sunda adalah Kis. Ws.

Kis. Ws. atau Kiswa Wiriasasmita merupakan orang pertama yang menulis sajak Sunda antara tahun 1946 dan 1950.

Seiring waktu, muncul berbagai penyair lain yang juga turut menulis sajak Sunda dan diterbitkan di surat kabar.

Beberapa nama sastrawan atau penyair tersebut antara lain M.A Salmun, Wahyu Wibisana, Ajip Rosidi, Acep Zamzam Noor, hingga Godi Suwarna.

Kalau kamu sedang mencari inspirasi menulis sajak, beberapa contoh sajak Sunda berikut ini bisa jadi inspirasi.

Melansir buku Ajip Rosidi “Sajak Sunda” dan sumber lain, berikut contoh sajak Sunda tentang alam, guru, ibu, pahlawan, cinta, dan lainnya.

8 Contoh Sajak Sunda

8 Contoh Sajak Sunda tentang Alam, Cinta, Guru, Ibu, & Lainnya Lengkap

Sumber: tribunnews.com

1. Contoh Sajak Bahasa Sunda

Hirup

Ka hareup ngarah sajeujeuh
ka tukang ngarah saléngkah
ka hareup lajurkeun tineung
ka tukang ngawawaasna.

Hirup nunggu-nunggu umur
gumelar megat sakarat
bilang ladang kumelendang
ulah mulang ngalongkéwang

Karya: Kadir Tisna Sudjana

2. Contoh Sajak Sunda tentang Alam

Tanah Sunda

Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabalungbung ka kota

Kembang beureum buah biru
Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurugan mun kuring tepi ka pati

Karya: Ajip Rosidi

3. Contoh Sajak Sunda tentang Guru

Puisi untuk Guru, Nu Aya di Haté Abdi

Guru..
Anjeun pahlawan abdi
Anu ngajaran abdi ku pinuh rasa bungah
Kudu maké naon abdi ngabalesna?

Guru..
Anjeun teu pernah leuseuh, nyerah ngabimbing abdi
Anjeun kawas pahlawan anu terus nya’angan jalan abdi
Anjeun ajarkeun sadaya elmu pikeun ngahontal cita-cita abdi

Guru..
Sanajan urang moal papangih deui..
Nanging anjeun terus aya di haté abdi..
Abdi bakal terus inget kana naséhat anjeun..

Karya: Kustian

4. Contoh Sajak Sunda tentang Ibu

Pamanggih

Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura.

Salapan bulan dikandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak nu rumasa
anak gudang dosa.

Salapan bulan ngakandung
pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandung
pinuh dosa jeung rumasa.

Karya: Ayatrohaédi

5. Contoh Sajak Sunda Pendek

Cinta

Sasiki béntang napel ‘na pipi hiji mojang
tapi di langit, weléh asa eweuh nu leungit

Karya: Iyas Hériyana

6. Contoh Sajak Sunda Epik

Jante Arkidam

Panonna beureum siki saga
leungeunna seukeut lalancip gobang
niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jante Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng
ngan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Jante raja alam petang
matek aji panarawangan
manjing ka liang sasoroting sinar
jariji beusi pakgade milang ku Ramona

Ngagisik hayang sidik
Jante mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang
ngabokong jalma keur tibra”

Arkidam ditalikung leungeun dua
sorot matana ngentab seuneuan

Samemeh beak poe kahiji
Jante minggat nitih cahya
kaluar ti panjara

Samemeh cunduk peuting kahiji
mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
teu nyawaan

Karya: Ajip Rosidi

7. Contoh Sajak Sunda tentang Pahlawan

Pahlawan

Hirup nu pinuh ku perjuangan
Persenjataan nu éléh teu di jadikeun alesan
Perang ngalawan panjajahan
Bajuang kanggo kamerdékaan

Prajurit nu mulih ka asalna
Tong dianggap geus palastra
Perang’na jalan nu di pirido Allah Ta’ala
Janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsana

Urang sok poho kana jasana
Nu geus ngorbankeun kahirupanna
Kanyeri nu geus teu di rasa
Sakabéhna kanggo nagara Indonésia

Karya: Fahri Setiono

8. Contoh Sajak Sunda tentang Cinta

Cinta
    keur L

Maseuhan cinta ku cimata, enung
tong salempang
najan hirup teu weléh padungdung
kacapi mo’ matak sumbang
da kawatna ranteng ti haté ka haté
ngajentring matak tingtrim

tong hariwang
najan cinta teu weléh beueus ku cimata
ajan kacapi ngjetréng dina laras madenda
satungtung boga kénéh langit jeung béntang kahayang.

Karya: Wahyu Goemilar

***

Semoga bermanfaat, Sahabat 99.

Simak artikel lainnya di Berita 99.co Indonesia.

Kunjungi www.99.co/id dan rumah123.com sekarang juga.

Temukan segala kemudahan dalam mencari hunian karena kami #AdaBuatKamu.

Cek ragam hunian menarik, salah satunya dari Almeria Premiere Cimanggis.

Artikel ini bersumber dari www.99.co.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *